Warta Sejarah Keislaman Tokoh Profil Opini Wawancara Ngalogat Adrahi Pustaka Download

Puasa di Lembur Hanca Ka-3: Pepetasan jeung Bedil Lodong

Puasa di Lembur Hanca Ka-3: Pepetasan jeung Bedil Lodong
(ilustrasi: NU Online)
(ilustrasi: NU Online)

Ku Kang Warsa

Mimiti asup bulan puasa, pilemburan lain haneuteun ku masyarakat anu ngabagéakeun  datangna bulan puasa wungkul, ogé pacampur jeung dar-dér-dor sora pepetasan. Iwal pepetasan, barudak dina mangsa harita ogé biasa nyundut bedil karbit. Bedil karbit mah leuwih murah hargana dibanding pepetasan, da dijieunna tina gombong, katambah harga karbit can pati mahal . Meuli sakilo ogé bisa digunakeun nepi kana sabulanna. 

Pepetasan jeung bedil sundut atawa bedil lodong dibédakeun dina waktu nyundutna. Pepetasan mah bisa iraha baé, ari bedil lodong mah waktu nyundutna biasa dilakonan saméméh imsak jeung buka puasa. Ku ukuran harita, pating jelegurna sora pepetasan jeung bedil sundut mangrupa  ciri geus asupna bulan puasa.

Sok sanajan ku ajengan disebutkeun  nyundut pepetasan jeung bedil lodong mangrupa kalakuan mubadzir, tara pati digugu ku barudak mah, duméh mémang resep jeung aya anggapan da kitu sakuduna ari dina bulan puasa mah. Henteu unggal bulan komo tiap waktu pepetasan atawa bedil karbit disundut, aya waktuna, lamun henteu bulan puasa biasana dina calagara hajatan jatukrami atawa nalika aya budak  disunatan. 

Kumaha asal mulana nepi ka tradisi nyundut pepetasan jeung bedil lodong diprakkeun ku masyarakat di ieu wewengkon? Aya sababaraha alesan, kahiji sakumaha anu disebutkeun ti awal, tradisi modél kieu mangrupa kabungah umat Islam dina mapag buan puasa.

Kadua, ieu mangrupa tarékah ti para ajengan baheula keur ngahudangkeun masyarakat anu masih kénéh taribra saré, arék dina wanci janari atawa  pabeubeurang. Masyarakat masih nganggap jeung ngamalkeun salah sahiji  hadits "saréna jalma anu puasa mangrupa ibadah". 

Kadieunakeun, kusabab teu saeutik anu cilaka alatan nyundut pepetasan, aparat mimiti ngaluarkeun kawijakan larangan nyundut pepetasan dina bulan puasa. Aya anu ngagugu, ngan lolobana mah teu pati ngagugu kana aturan samodél kitu. Sok sanajan loba kasus jeung conto budak anu cilaka alatan pepetasan, malahan di wewengkon Kebonpedes jeung Cimuncang  mah  kungsi aya kajadian pabrik pepetasan kabeuleum .

Iwal ti nyegah bisi aya korban anu cilaka ku pepetasan, aturan larangan nyundut pepetasan dina bulan puasa ti pulisi téh kasang tukangna mah sangkan bulan puasa dipinuhan ku rasa tingtrim. Ulah nepi ka  aya pihak séjén anu kaganggu, sok komo jalma anu boga panyakit jantung. Teu salah lamun nyundut pepetasan jeung bedil lodong matuh wancina mah, ngan ari anu ngaran budak mah, nyundut pepetasan téh tara apal waktu. Kumaha ngeunah dirina baé.

Nepi ka kiwari, kabiasaan nyundut pepetasan jeung bedil karbit masih aya kénéh anu ngalakonan, ngan henteu pati ramé kawas bihari. Pepetasanna ogé dina mangsa kiwari mah geus rupa-rupa bentuk jeung sebutanna. Ngajelegurna ogé di luhur, jadi ceuk pikir barudak jeung jalma anu mikaresep kana pepetasan, bakal leuwih aman. Da kumaha atuh, diulah-ulah jeung dicarék nyundut pepetasan ogé teu neurak ka barudak mah. Ngajelegurna sora pepetasan di langit sok dibarengan ku éarna barudak anu saruka bungah.

Lamun dicukcruk kana mangsa rébuan malahan nepi ka miliaran taun ka tukang, aya alesan utama naon sababna jalma mikaresep kana pepetasan jeung sora-sora anu pating jelegur. Kahiji, teu bisa ditolak yén ayana ieu alam -kalawan ilmiah- mémang dihasilkeun tina big bang, mancawurana énérgi anu rongkah. Hal éta tangtu baé jadi sifat jeung bawaan dasar ieu alam.

Kadua, konsépsi ilahiah anu dibralkeun dina kahirupan biasana dimimitian ku pating jelegurna sora guludug. Karuhun urang dina manggihan konsép Pangéran ogé alatan pating jelebétna sora guludug di langit, nepi ka nyebut aya kakuatan séjén anu moal bisa karampa ku tarékah jalma jeung moal kahontal ku sangkaan manusa. Konsépsi di masyarakat tradisional umpamana Yunani Kuno nyebutkeun Déwa Zeus miboga iteuk anu bisa ngagasilkeun kilat jeung guludug. 

Di masayrakat Nordik ogé henteu jauh béda, Odin mangrupa déwa anu paling kumawasa miboga pakakas anu bisa ngahasilkeun sora ngajelegur. Nabi Musa nalika di gunung Thursina atawa Sinai ogé nampa wahyu dimimitian ku datangna kilat jeung guludug. Nabi Muhammad nalika nampa wahyu nyebutkeun pating jelebétna sora méh-méhan moal kuat narimana. 

Atuh pantes baé, barudak mikaresep kana pating jelegurna sora pepetasan kusabab geus jadi watek ieu alam anu diwariskeun kalawan génétika. Nya hartina mah, ieu alam bakal dinamis salila aya sora anu disada, korosakna sora dampal suku nincak kalakay, pating borobotna sora mesin, jeung déhémna batuk aki-aki dina wanci janari. Sora hayam kongkorongok ogé mangrupa ciri awal kahirupan poé ka poé.

Nu nulis nyaeta guru di MTs-MA Riyadlul Jannah, Cikundul, Kota Sukabumi