Warta Sejarah Keislaman Tokoh Profil Opini Wawancara Ngalogat Adrahi Pustaka Download

Puasa di Lembur Hanca Ka-2: Munggahan jeung Papajar ​​​

Puasa di Lembur Hanca Ka-2: Munggahan jeung Papajar ​​​
(Ilustrasi: NU Online)
(Ilustrasi: NU Online)

​​​Ku Kang Warsa

Geus jadi babasaan masyarakat di urang, sapoé saméméh bulan puasa disebut munggahan. Kalawan letterlijk, kecap mungguhan miboga harti “pindah ka tempat anu leuwih luhur”, hal ieu dumasar kana kanyataan yén anu disebut munggahan geus pasti lumangsungna dina tanggal panungtung bulan Rewah atawa Sya’ban. Kadieunakeun mah, kecap unggah ieu digunakeun dina istilah téknologi informasi keur méré harti kana kecap upload.

Dina munggahan, masyarakat geus tatahar jeung nyiapkeun sagala rupa kaperluan dina raraga mapag bulan puasa. Geus biasa dina ieu poénan sarupaning ingon-ingon dipeuncit, lamun teu kitu biasana sok ngahaja meuli daging kiloan di pasar. Udaganna lain nanaon, poé kahiji bulan puasa mah kudu dahar atawa sahur jeung daging. Geus puguh ku ukuran mangsa bihari mah anu disebut ngonsumsi daging kacida jarang. 

Bisa kaitung iraha baé waktuna masyarakat ngonsumsi daging; awal puasa, lebaran, nalika dibagi rapot di sakola, jeung nalika gering. Sakapeung sok mikir, naha anu gering maké kudu dibéré jeung dititah dahar jeung daging, apanan sakuduna ngadahar daging hayam mah ngeunahna nalika awak séhat? Nya, ambéh gancang séhat deui meureun, kitu pikiran kolot-kolot mangsa harita.

Dina wanci lingsir ngulon, kaperluan keur usukan-asakan geus sayagi. Daging hayam, munding, jeung sapi geus dibersihan. Samara geus kumplit, kari ngaréndos dina coét, lamun kiwari mah ngaréndosna ku blender. Hawu geus ruhay ku seuneu, kaayaan lembur sareungit pacampur bau antara haseup suluh anu masih garing jeung olahan. Barudak ogé ilubiung ngaramékeun lembur, biasana arulin di lapang sakola agama atawa di kebon handapeun tangkal gombong.

Biasana récét jeung réangna barudak lumangsung nepi ka wanci kalangkang satangtung, waktu nuduhkeun manjing asar. Barudak anu can mandi atawa kuramas saméméh puasa sok dibawélan kunu jadi nini atawa indungna ku ucapan: rék nyanghareupan puasa, diri urang kudu beresih lahir jeung batinna! 

Bener, mandi kuramas saolah geus jadi kawajiban dilakonan ku urang lembur saméméh nedunan ibadah puasa. Kuramas nyaéta beberesih, mandi, adus, diangir, diroskam ku batu, cindekna awak kudu bersih. Henteu jauh béda sabenerna jeung tradisi umat Hindu susuci ku titha (cai). Tina kecap suci ieu ngabralkeun kecap turunan “cuci”, tah dina mangsa sasalad korona kawas ayeuna mah “cuci tangan” nyucikeun leungeun diwajibkeun ku aturan 3M. Ampir kabéh kayakinan miharep ka umatna sangkan jadi jalma anu suci lahir jeung batin, sok komo nalika arék nyanghareupan hal-hal anu diperedih pisan ku ajaran agama, umpamana arék puasa.

Atuh nalika awak geus beresih, reugreuh haté da pangbeubeurat diri geus leupas. Iwal mandi, kabiasaan anu wajib dilakonan saméméh puasa nyaéta silih lubarkeun tina kasalahan. Hal ieu mangrupa tarékah keur ngaberesihan batin. Aya éta ogé anu boga anggapan, silih lubarkeun tina kasalahan mah engké baé dina mangsa lebaran. Padahal anu diperedih ku ajaran mah justru silih lubarkeun tina kasalahan mah sakuduna dilakonan saméméh prakna puasa. Tapi da sakuduna ari silih hampura mah unggal poé.

Geus sagala disiapkeun, kadaharan keur sahur ogé sayagi, mandi jeung beberesih réngé dilakonan, kari siap-siap ngalaksanakeun solat tarawéh. Kolot budak, lalaki awéwé ngabring ka masigit jamé, jalan ogé haneuteun, pangeusi lembur saruka bungah ngabagéakeun kadatangan bulan puasa. 

Nu nulis nyaeta guru di MTs-MA Riyadlul Jannah, Cikundul, Kota Sukabumi