Warta Sejarah Keislaman Tokoh Profil Opini Wawancara Ngalogat Adrahi Pustaka Download

Puasa di Lembur Hanca Ka-1

Puasa di Lembur Hanca Ka-1
Ilustrasi (NU Online)
Ilustrasi (NU Online)

Ku Kang Warsa

Tiap lembur, wewengkon, mangsa, jeung jaman miboga ciri séwang-séwangan dina mapag jeung ngeusi bulan puasa. Malahan lamun jaman kudu disapih ku dua kaayaan, tradisional jeung modérn, bulan puasa ti mangsa ka mangsa tangtu baé miboga ciri anu kawas béda.

Alam jeung kaayaan pilemburan masih kentel ku kabiasaan tradisional. Ngan ku ukuran kiwari mah geus jarang deui lembur anu éstu bisa disebut masih nyekel pageuh kabiasaan tradisional. Kabiasaan tradisional boga ciri utama, dina usukan-asakan masih ngagunakeun pakakas-pakakas tradisional di antarana; hawu, sééng, aseupan, dulang, boboko, jsb.

Nyangu mangsa kiwari anu ngagunakeun pakakas modérn tangtu jauh pisan bédana jeung usukan-asakan ku cara tradisional. Nyangu ku magic jar mah awak henteu kudu lukut-lékét ku késang balas mirun seuneu, meulahan suluh, jeung kudu nungguan hawu anu ruhay bisi pareum seuneuna. 

Kiwari mah, kari ngisikan béas, caian sameujeuhna, asupkeun kana magic jar, colokkeun kana setrum, tinggalkeun, asak wéh. Enya da kudu kitu, ngaranna ogé magic jar (sihir jaman kiwari). Lamun teu kitu nya ulah magic disebutna.

Masyarakat tradisional pilemburan, nepi ka taun 80-an lolobana masih ngagunakeun pakakas tradisional dina usukan-asakan. Teu héran nalika bulan puasa, anu jadi kolot –dina  usukan-asakan téh– sok pajanari-janari. Babakuna jadi kabiasaan, dahar sahur ogé pajanari-janari di lembur mah. 

Udaganna lain kusabab ngarempak salah sahiji hadits Rosul anu ngajelaskeun: dahar sahur mah kudu dipandeurikeun, ieu mah éstuning sangkan nyalsé baé. Sahur pajanari-janari téh sangkan teu gura-giru, teu kabeurangan, jeung laluasa dina ngokolakeun waktu saméméh subuh.

Kabiasaan (custom) masyarakat tradisional samodél di luhur geus tangtu béda jeung masyarakat modérn. Iwal geus pada apal kana hadits kudu ngaahirkeun dahar sahur ogé geus henteu kudu riweuh deui ku usukan-asakan sieun sangu teu asak tuluy wanci kaburu subuh. Kiwari mah ngasakan sangu bisa dilakonan sabari facebook-an, médsosan, atawa lalajo tivi.

Kabiasaan anu henteu jauh béda antara alam tradisional jeung modérn tug nepi ka kiwari nyaéta masigit dipinuhan ku jamaah anu nedunan solat tarawéh dina minggu kahiji bulan puasa. Masigit haneuteun jeung ramé lain kusabab pepekna jamaan wungkul, ditambah ku barudak anu ngadon maroyég jeung heureuy nalika solat tarawéh. Ngucapkeun amin ogé apanan sok patarik-tarik jeung papanjang-panjang.

Mangsa kiwari ogé henteu jauh béda dina pasualan éta mah. Ngan tetep baé, geus masyarakat anu geus kasebut generasi baby boomers jeung generasi x mah, loba pisan kabiasaan tradisional salila puasa anu teuing iraha bisa kaalaman deui. Jaman kiwari mémang keur mihak ka generasi milenial.

Iwal kabiasaan dahar sahur pajanari-janari, teu saeutik ogé masyarakat anu boga anggapan, waktu awal puasa téh lamun sora manuk piit geus ricit di sawah. Anggapan samodél kitu bisa waé dilantarankeun masih can nepi pedaran definisi atawa harti puasa ceuk fikih ngeunaan puasa.

Sok komo lamun ku urang dititénan kalawan daria, kumaha cara jeung prakna wali songo dina nyebarkeun ajaran Islam ka masyarakat anu bener-bener can kungsi apal kana ajaran Islam. Tangtu baé merelukeun tanaga jeung pikiran anu genuin jeung pohara sangkan Islam bisa katarima jeung ngawujud jadi ajaran anu disebut wijaksana ka manusa. 

Nu nulis nyaeta guru di MTs-MA Riyadlul Jannah, Cikundul, Kota Sukabumi