Warta Sejarah Keislaman Tokoh Profil Opini Wawancara Ngalogat Adrahi Pustaka Download

Puasa di Lembur (Hanca Ka-6): Sardéncis

Puasa di Lembur (Hanca Ka-6): Sardéncis
cookpad.com
cookpad.com

Ku Kang Warsa

Asa kaingetan deui, lima poé ka tukang,  lalawuh dahar dina waktu sahur  jeung cué tongkol disamaraan ku cabé, tomat, jrrd. Ras inget kana lalawuh atawa deungeun sangu anu biasa didahar ku urang lembur dina waktu anu tangtu saperti bulan puasa nyaéta sardéncis. 

Keur ukuran urang lembur mah, deungeun sangu samodél sardéncis bisa disebut kadaharan favorit salila bulan puasa. Jigana lain kusabab ngeunah didahar, babakuna gampang pisan ngasakanna.

Duméh hirup di lembur, digedékeun ku atikan kolot anu masih nyekel pageuh kata titi jeung étika kasundaan, cenah dahar jeung sardéncis mah bisa disebut 'makan besar'. Da mémang enya dibenerna, antara taun 80 jeung 90-an, henteu sagawayah jalma bisa dahar jeung rupaning kadaharan kawas kiwari. Endog ogé bisa dibeulah dua, dibagikeun ka barudak, lanceuk jeung adi. Geus puguh ngadahar daging hayam mah, bisa kaitung sataun ngan lima kali.

Ku ukuran ayeuna, menu dahar barudak jeung masyarakat generasi 60-90an bisa disebut dahar basajan, saayana, jeung bisa ogé disebut sarwa kurang. Ngan aya hiji hal anu diperedih ku kolot, arék aki-nini atawa indung-bapa, sanajan kadaharan anu asup kana awak kawilang saayaan tapi lain harti henteu barokah. Ku kabarohan éta, jigana barudak mangsa harita masih bisa jarumeneng kénéh nepi ka kiwari.

Anu jadi babaturan kungsi ngomong ka kuring: " Wah, barudak ayeuna mah moal aya anu daékkeun dahar sangu ngan ukur jeung kurupuk atawa pépéték, Wa!".  Mémang kitu ayana. Henteu anéh, mangsa ayeuna, tukang bubur, wuduk, kupat tahu, geus pada ngagimbung ku masyarakat dina wanci carangcang tihang keur mumuluk. Sababna mah teu sapira, kusabab kadaharan anu disebutkeun tadi leuwih 'praktis' tibatan anu jadi indung (kolot awéwé) kudu usukan-asakan hela keur mumuluk barudak anu arék indit ka sakola.

Dina hiji mangsa, nalika pabubudak, anu jadi indung nitah ka  kuring meuli sardéncis ka warung Mang Ja'i. Aya anu ngaharéwos, " hébat badé emam sareng sardén". Lauk dina kaléng geus disamaraan geus pasti ngan katénjo minuhan rak warung. Puguh, da can aya mini-markét asup ka lembur-lembur. Kusabab panon jarang nénjo hal-hal anu kawilang "uwah" éta jigana anu ngabalukarkeun kadaharan leuwih pédo jeung pelem didahar.

Kiwari, lain saukur panon anu seubeuh nénjoan kadaharan-kadaharan ngarareunah, baham ogé geus henteu bireuk deui jeung bolu, daging, pizza, hamburgeur, jjrd. Ngadahar rupaning kadaharan anu disebut tadi tangtu baé lain ngudag kanikmatan wungkul, ayeuna mah saukur keur ngeusian beuteung ditambah géngsi. Teu anéh, dina kariaan kawinan, sangu jeung daging dimonyah-monyah ku lolobana sémah. Dina acara-acara dines ogé henteu saeutik kuéh anu dilelebar, mubadir, teu didahar tapi amarayah dina méja. 

Élmu psikologi nyebutkeun kaayaan samodél kieu disebut disénsitisasi, hartina jalma geus leungit sikep 'sensitif' kana rasa nikmat jeung ngeunahna naon anu didahar. Kadaharan dibutuhkeun ngan saukur keur nyeubeuhkeun diri. Ngadahar kuéh sus karék sagégél ogé geus dibelewerkeun. Enya, kacida béda jeung ngadahar sardéncis dina taun 80-an, dina piring geus imeut ogé, barudak masih latam-létém sabari ngalamotan ramo leungeun katuhu. Réngsé dahar, diuk ngabaheuhay sabari ngadelékan sardéncis sésa. Anu jadi nini ngomong: Kanggo engké!!!

Nu nulis nyaeta guru di MTs-MA Riyadlul Jannah, Cikundul, Kota Sukabumi