Warta Sejarah Keislaman Tokoh Profil Opini Wawancara Ngalogat Adrahi Pustaka Download

Ngindung ka Basa Indung, Mibapa ka Basa Sunda

Ngindung ka Basa Indung, Mibapa ka Basa Sunda
Ngindung ka Basa Indung, Mibapa ka Basa Sunda (Foto: singrancage.id)
Ngindung ka Basa Indung, Mibapa ka Basa Sunda (Foto: singrancage.id)

Oleh Dhipa Galuh Purba 
MIMITI taun 1999, UNESCO ngadéklarasikeun Poé Basa Indung Sadunya, atawa Hari Bahasa Ibu Internasional, atawa Mother Tongue. Écésna tanggal 21 Pébuari. Tangtu baé anu dimaksud basa indung téh taya lian basa anu munggaran diwanohkeun ku hiji indung. Ku ayana kitu, saban sélér mibanda basa indung séwang-séwangan. Pikeun masarakat tatar Pasundan, sacara umum basa indungna nyaéta basa Sunda.

Éta pisan anu jadi pamiangan PP-SS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda) ngayakeun acara miéling Poé Basa Indung, tanggal 21 Pébuari 2006 di Aula Sanusi Hardjadinata, Universitas Padjadjaran, Jln. Dipati Ukur 35, Bandung. Dina éta acara anu dibagéakeun ku gubernur Jawa Barat, digelar rupaning pidangan anu patali sareng basa indung. Saperti gelar pustaka “Surat keur ka Bandung” jeung “Nu Lunta Tengah Peuting”. Aya ogé pintonan multimédia anu judulna “Ngindung ka Basa Indung”; sawala basa indung anu diluuhan ku panyatur Prof. A Chaédar Alwasilah, P.Hd, Drs. H.R. Hidayat Suryalaga, Drs. Gugun Gunardi, M.Hum; musikalisasi sajak Sunda (Zoeroe Musik Bandung); jeung pintonan longsér Adem Ayem Bandung. Sakur acara anu digelar ku PP-SS, nyandak jejer “Ngindung ka Basa Indung”.

Dina pintonan Multimédia, seueur informasi katut data anu tiasa ngalegaan pangaweruh ngeunaan basa saalam dunya. Naskah multimédia anu ditulis ku Dadan Sutisna didadasaran ku euyeubna rupaning référénsi. Saperti basa nyaritakeun paéhna hiji basa, apan sakumaha anu ditulis ku David Crystal dina buku anu judulna “Language Death”.

Masih kénéh dina pintonan Multimédia, Supriatna nétélakeun pamanggihna ngeunaan basa Sunda di pilemburan anu nepi ka kiwari masih walagri. Malah, saur ieu guru di Jatinangor, urang lembur mah henteu pati arapaleun yén basa téh aya paéhna. Urang lembur tetep konsistén ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuh sapopoé. Teu hilap Supriatna ogé ngarojong tarékah pikeun ngubaran kahirupan basa Sunda, tapi anu perelu diubaran téh taya lian di pakotaan, da puguh di lembur mah naon anu kudu diubaranana? Di lembur mah basa panganteur di sakolaan ogé apan seueur kénéh anu ngagunakeun basa Sunda.

Di dunya, aya 6000-an basa anu masih kénéh dipaké ku sakumna manusa. Ari ditaan kabéhanana mah tangtu bakal méakkeun kaca.Anu penting mah, tina 6000-an basa di alam dunya téh, basa Sunda nempatan posisi ka sabaraha hiji? Nurutkeun panalungtikan Summer Institute of Linguistik, salah sahiji lembaga anu mibanda kaahlian pikeun nalungtik kalumangsungan basa saalam dunya, basa Sunda téh aya dina urutan ka-32, kalayan digunakeun ku 27 juta panyatur. Tétéla, kaitung rongkah nepi ka bisa ngéléhkeun panyatur anu ngagunakeun basa Indonésia. Apan panyatur basa Indonésia mah ukur 17 juta.
Kumaha upama disawangna di tingkay nasional baé? Basa Sunda téh aya dina urutan kadua sanggeus basa Jawa (lengkepna bisa diilikan dina tabél). Mémang upama nilik kana jumlah panyatur anu sakitu lobana mah, asa pamohalan upama basa Sunda bakal ngalaman paéh. Kilang kitu, lain hartina basa Sunda teu perelu dipaliré deui, da puguh ari perkara miara mah tetep kudu diutamakeun. Ulah dugi ka kaluli-luli lantaran reueus ku angka 27 juta. Malah éta angka ogé kuduna mah dibuktikeun kalayan leuwih daria, sabab éta panalungtikan téh ukur dikira-kira, sanés data nu saklek.

Tina 27 Juta panyatur basa Sunda, upamana éta data dianggap kurang saklek, urang candak baé alitna 15 juta panyatur. Ras émut kana kalumangsungan rupaning média basa Sunda, boh majalah atanapi tabloid, taya hiji ogé anu oplahna nepi ka 10.000 éksemplar. Naha ieu kaayaan téh nuduhkeun urang Sunda anu henteu resep maca basa Sunda? Atawa urang Sunda anu nyarita basa Sunda kalolobaanana matuh di pilemburan, anu ngalantarankeun henteu pati terang kalumangsungan média basa Sunda? Atawa urang lembur ngarasa henteu penting maca média basa Sunda? Tilu perkara éta, henteu pamohalan kajadian.
 

Henteu resep maca raket patalina jeung henteu ngarasa penting maca. Tapi aya hal séjén anu ngalantarankeun budaya maca masih tacan bisa kageuing. Masarakat leuwih resep lalajo atawa ngadéngékeun. Komo deui ku ayana rupaning acara di télévisi mingkin pikaresepeun, maca téh ampir kaluli-luli. Nongton télévisi mah apan teu kudu mikiran waragad kanggo ngalanggan atawa unak-anik séjén saperti maca. Kamungkinan informasi anu kurang sumebar, éta mah kurang kuat, sabab télévisi ogé geuningan bisa nyambung tug nepi ka masarakat. Mémang informasi dina télévisi dianggap leuwih akurat, leuwih téréh batan média massa. Lebah dieu mah, tangtu balik deui ka média massa basa Sunda. Écés henteu bisa ngahudang minat masarakat. Perang informasi katétér jajatén, pon kitu deui perang hiburan mah geus puguh deui.Naha média massa Sunda tujuanana ukur hayang nagmumulé basa Sunda bari henteu titén kana kapentingan masarakat? Upama kitu kanyataanana, oplah média massa Sunda anu ngahunted geus bisa kajawab, sakurang-kurangna aya saenyay pituduh. Sabab upamana urang nambut susuluk Témpo: “Énak dibaca dan Perlu”, mangka média massa Sunda bakal pagedrug jeung éta dua perkara. Leuheung basa anu ngareunah dibacana, sakurang-kurangna bisa jadi panglipur kalbu pangbeberah manah. Palebah ka nu henteu ngeunah dibaca, tangtu pasualanana bakal séjén deui. Komo upama dikiruhan ku kecap “teu perelu” mah, leuwih bangga deui baé ngahudang minat maca téh.

Kuring percaya upama seueur kénéh urang Sunda anu nyarita ku basa Sunda, sebat baé leuwih ti 15 juta. Hanjakalna basa Sunda kurang produktip. Buktina média massa anu dibaraca ku urang sunda, tetep lain basa sunda; Pintonan anu dilalajoan dina télévisi, lolobana anu lain maké basa Sunda; basa panganteur di sakolaan lain ngagunakeun basa Sunda, kaasup di pilemburan ogé geus mimiti kalindih ku basa séjén.

Pangna kitu, disawangn tina jihat ékonomi jeung élmu pangaweruh, basa Sunda dianggap katétér jajatén ku basa Inggris atawa China. Aya anggapan di satengahing masarakat, upama bisa nyarita basa Inggris atawa basa Mandarin, hirup téh moal hésé. Béda deui jeung weruh basa Sunda, payu kana naon? Kitu upama pikiran urang dipuseurkeun kana urusan ékonomi. Kaayaan sarupa kitu téh mémang henteu salah. Anu bisa nyarita basa Inggris, tangtu loba kasempetan pikeun meunang gawé di mana baé kalayan gajihna mucekil.

Kilang kitu, upama urang mikirna leuwih wijaksana, basa Sunda bisa ditempatkeun minangka basa rasa, basa indung. Basa anu keuna kana mamaras haté. Contona, nilik kaayaan barudak rumaja jaman kiwari, utamana di pakotaan, teu saeutik anu kabawa ku sakaba-kaba, ancrub kana pergaulan bébas atawa laku lampah anu papalimpang jeung agama. Padahal di sakolaan ogé mata pelajaran agama téh kurang kumaha. Malah mata pelajaran agama, kacida milu nangtukeun kana naék atawa teu naékna hiji murid. Naha mata pelajaran agama atawa PPKN téh henteu nyerep tug diterapkeun dina kahirupan sapopoé? Bisa jadi, salah sahijina pasualan basa. Basa anu kurang nyerep tug nepi ka ngahudang mamaras rasa. Sasarina, basa anu bisa ngahudang mamaras rasa mah taya deui iwal ti basa indung.***

penulis adalah Sastrawan Sunda 

sumber: https://singrancage.id/tepas/maca/oeta7g/ngindung-ka-basa-indung-mibapa-ka-basa-sunda