Warta Sejarah Keislaman Tokoh Profil Opini Wawancara Ngalogat Adrahi Pustaka Download

Lain Saukur Fiksi

Lain Saukur Fiksi
Fiksi Aunurofik, Youtuber ti Majalengka anu ngahontal Gold Creator Awards. (Foto: dok. Pribadi)
Fiksi Aunurofik, Youtuber ti Majalengka anu ngahontal Gold Creator Awards. (Foto: dok. Pribadi)

Pangalaman Youtuber Kontén Sunda nu Ngahontal "Gold Creator Awards"
Ku: Dadan Sutisna

Kréator Youtube mah tangtu terang kumaha héséna ngondang subscriber. Tong boroning meuntas sajuta urang, dalah ngahontal itungan 100 rébu gé apan seuseut pisan. Da ayeuna mah saha baé bisa ngapungkeun vidéo di Youtube. Ti mimiti lalaguan nepi ka wangkongan sapopoé. Ti mimiti nu kréatif nepi ka tukang ngadongkangan kontén batur. Ti mimiti nu orisinil nepi ka nu ngarempak hak cipta. Rupa-rupa.

Udaganana gé béda-béda deuih. Aya nu nyieun vidéo keur bahan pangajaran, méré pangaweruh, nepi ka nu ngudag-ngudag monétisasi. Teu kurang-kurang deuih barudak ngora nu hayang suksés dina Youtube sanajan teu boga konsép nu écés. Teu ngabibisani lebah dinyana mah, upama jumlah subscriber jeung viewers jadi udagan. Da apan barangjieun téh kudu aya nu ngalalajoan.

Kontén basa Sunda dina Youtube geus kawilang réa, ti nu mimiti nu wawayagon nepi nu digarap daria. Éta gé sok aya kritik kana basa Sunda nu midang dina média sosial. Da réa pisan apan nu salah larap jeung sabangsana. Atawa rajol kekecapan nu dianggap kasar, tapi kalah ka éta nu jadi viral téh. Tapi ari haben dicawad mah moal aya anggeusna. Nu teu kurang pentingna, kumaha ngamangpaatkeun poténsi barudak ngora keur hirup-hurip basa Sunda ka hareupna.

Nu paham kana bérés-roésna basa Sunda téh tangtu réa, ngan apan umumna mah lahir ti génerasi X. Ieu génerasi téh, mahér sotéh mun nyanghareupan pasualan warisan jamanna, saperti nulis buku, nyusun bahan pangajaran, atawa madungdengkeun pirang-pirang gagasan. Tapi mun adu hareupan jeung urusan digital, kedah rumaos, réa pisan kahéngkér. Cindekna mah, geus mintul lebah kréativitas katut cara mikir nu bisa nyaluyukeun jeung kahayang generasi sabadana. Bisa sih bisa, da naon héséna nyieun kontén basa Sunda mah, kari ngarekam. Tapi hasilna gé meureun ukur sakitu kaayaanana.

Nu disebut ngawariskeun basa jeung budaya téh, bawirasa di urang mah can enya-enya kaciri tapakna. Antukna di unggal génerasi téh boga cabak séwang-séwangan, euweuh rawayan nu nepungkeunana. Bisa jadi lantaran entragan kolot can percaya ka entragan ngora, ari entragan ngora tonggoy dina alamna, teu réa tatanya. Atuh nya teu nyantél-nyantél. Lian ti éta, bakal karasa sundekna deuih, da ngalingkung téh di wewengkon éta-éta kénéh.

Urang Sunda nu makalangan di Youtube téh geus kawilang réa. Tapi nu kalawan percaya diri yén basa Sunda bisa jadi kontén nu dipikaresep, teu pati réa. Umumna mah nya maké basa Indonésia wé. Dina widang musik Sunda, bisa jadi Fanny Sabila pangonjoyna—remen nyieun kaver lagu pop Sunda, subscriber-na meuntas ti satengah juta. Wétaneun Bandung, aya Asép Balon ti Majalaya nu remen nyieun lagu Sunda maké basa Sunda "kakiwarian". Fiksi Aunurofik mah séjén deui. Fiksi museur kana visualisasi kekecapan basa Sunda, maké gaya skétsa atawa filem pondok. 

Nyanghareupan basa Sunda ti génerasi modél kieu, puguh baé kudu réa ngamalumna saméméh nyawad téh. Perkara salah larap mah apan bisa dioméan ka hareupna. Nu perlu diaprésiasi téh sumangetna, kahayangna, tarékahna, jeung bukti yén kontén basa Sunda bisa makalangan dina média sosial. Ngarah rada kaimpleng sasakalana, ayeuna urang medar heula lalakon Fiksi Aunurofik. Muga-muga ka hareupna bisa nanggap Youtuber séjénna.
*
Simkuring tepung jeung Fiksi téh di Perpustakaan Ajip Rosidi, Jl. Garut nomer dua. Geus ti méméhna ari komunikasi dina WhatsApp mah—tapi sababaraha poé katukang mah keur mulang heula ka Majalengka. Barang gok, geus kapireng lentong Majalengkana, sikepna handap asor jeung basa Sundana kaitung bérés. Kadé nya, ngaran Fiksi téh fakta—lain samaran.

Sakolana ukur nepi ka SMP. Enya, teu leuwih ti SMP (keun baé, Jang, élmu mah bisa ditéangan bari ngarénghap). Kaduhung cenah saenyana mah teu neruskeun sakola téh, tapi da geus kitu wé meureun jalanna (keun baé, Jang, teu kudu minder, sikep jeung nasib mah da teu salawasna ditangtukeun ku sakola).

Mimitina mah, basa keur libur sakola, Fiksi nganjang ka bapana nu digawé di Bandung. Tuluy wé mantuan bapana di béngkél motor, sagawé-gawé. Ku dununganana diburuhan. Tah, harita cenah, bet ujug-ujug kapikir, geuning néangan panghasilan mah teu kudu sakola. "Padahal harita tos daftar di SMK, tos ngiringan MOS. Uih deui wéh ka Bandung, nepi ka pun bapa kagét naha embung sakola. Badé sina sakola di Bandung gé harita mah alim, da hoyong damel. Ayeuna kaduhungna mah," pokna.

Basa bapana mulang deui Majalengka, Fiksi mah milih tumetep di Bandung. Nya harita mimiti ngalaman "kabalangsakan" téh. Pundah-pindah gawé bari hasilna teu sapira, jadi kuli angkut barang, buruhna dipaké dahar remen teu mahi. "Panginten pédah pun biang teu ngawidian damel di Bandung, mending kénéh tani di lembur cenah. Kantos abdi mah tilu dinten teu barangteda, hoyong wangsul ka Majalengka gé kedah nikreuh ti Kiaracondong ka Cibiru, da ongkos moal cekap." 

Mimiti rada merenah gawé téh sabada jadi OB di Surapati Core. Malah dipikanyaah ku dununganana. Mun keur rinéh, Fiksi sok diajar moto jeung niténan vidéo Youtube. Diajar sabisa-bisa wé cenah, ngulik tina internét jeung sakapeung sok meulian buku. Lila-lila kataji deuih ku éditing vidéo, nepi ka taun 2015 mah mutuskeu kaluar ti pagawéan, rék usaha dina widang fotografi jeung vidéografi. Antukna mah Fiksi milu gabung ka sawatara véndor nu sok nyieun vidéo saperti keur profil pausahaan, nu kawinan, jsté.

Taun 2017, Fiksi mimiti ngimpleng deui kontén keur Youtube. Sabada ngimeutan pirang-pirang vidéo, copna téh kana kontén nu maké basa Sunda—bisa jadi cenah kailhaman ongkoh ku Bayu Skak nu pidanganana maké basa Jawa. Basa Sunda téh poténsial, tapi nu nyampak di Youtube umumna mah lemah tina sisi visual. Padahal apan dagangan dina vidéo mah visualisasina.

"Abdi poék kana basa jeung budaya Sunda mah. Éta gé ukur diajar satimu-timuna wé. Tapi tujuan abdi mah hayang ngagabungkeun pangaweruh vidéografi sareng kontén Sunda. Abdi gé terang mamawa Sunda téh teu sagawayah, beurat, tapi apan kedah dicobi," pokna.

Da jeung enyana, hayang nyieun vidéo samenit gé, nyiapkeunana mah mulan-malén. Padahal ukur nyebutan kekecapan dina basa Sunda. Ngan nu matak hookeun téh, subscribe-na terus nérékél. "Ti dinya abdi ngémut, perlu aya tanggung jawab ogé kana basa Sunda. Dina kontén lianna, mungkin aya kecap-kecap anu dianggap kasar, sanajan di sawatara kalangan bisa waé tos lumbrah. Teras abdi ngadamel vidéo skétsa, satiasa-tiasa némbongkeun basa Sunda nu bérés. Étang-étang panyaringna."

Youtube téh sok méré panghargaan ka kréator nu geus nincak unggal-unggal hambalan. Disebutna Youtube Creator Awards. Hambalanana téh nyaéta Silver Creator Award (100.000 subscriber), Gold Creator Award (1.000.000 subscriber), Diamond Creator Award (10.000.000 subscriber), Custom Creator Award (50.000.000 subscriber) jeung Red Diamond Creator Award (100.000.000 subscriber).

"Bagja pisan basa sasih Séptémber kamari nampi Gold Creator Award téh," cék Fiksi. "Reueus ku Sunda, saleresna mah."

Ayeuna, subscriber cénel Fiksi geus méh 1,09 juta. Asét, saenyana mah, bisa dipaké ngémbarkeun sora-sora Sunda ka pamiarsa nu sakitu réana, bari umumna mah kaom milénial. Nu matak, basa dibawa niténan buku-buku di perpustakaan téh, Fiksi lir manggih harta karun. "Sunda mah moal séépeun kontén. Ké ah, nu sanésna urang ajakan ka dieu," cenah.

Fiksi rék tuluy fokus kana kontén-kontén basa Sunda. "Isinna mah isin mamawa ngaran Sunda téh, da rumaos bodo. Nu mawi, abdi gé peryogi bongbolongan, ka payunna saéna kumaha, di luar progrés nu digarap ku abdi."

Kurang leuwih dua jam ngawangkong téh. Bisa jadi, Fiksi ukur salah sahiji tina sakitu réana generasi béh dieu nu némbongkeun kanyaahna ka Sunda, tapi arang ditanggap lalakonna. Tarékah miara nu dina enas-enas mah bisa dipaké ngundeur ajén ékonomisna, da ku urang tangtu kaimpleng "balukar" tina jumlah subscriber nu meuntas ti sajuta téh.

Muga-muga ka hareupna bisa ngawangkong deui jeung nu lianna.

Nu nulis sastrawan Sunda